Polaroid
Ilahi lastu lil firdausi ahla Wala afwa ala naril jahimi. Fahabli taubatan wagfir dzunubi Fainnaka ghofirun danbil adhimi. Duh Gusti abdi téh sanés ahli surga Nanging moal kiat nandangan naraka. Mugi Gusti nampi kana tobat abdi Ngahapunten kana kalepatan diri. Dosa abdi sapertos keusik sagara Mugi Gusti ngahapunten sadayana. Umur abdi téh ngirangan siang wengi Nanging dosa tambah- tambah siang wengi. Abdi seja dumeuheus ka pangkon Gusti Wiréh seueur pisan dosa jisim abdi. Pami Gusti henteu kersa ngahapunten Saha atuh nu welas asih ka abdi.